Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 dan Kunci Jawaban

Berikut adalah soal bahasa sunda kelas 8 dan kunci jawaban untuk mendapatkan file soalnya secara lengkap dengan klik link di bawah ini!



Kali ini penulis akan membagikan soal uts bahasa sunda kelas 8 semester 1 dan kunci jawaban untuk dapat kalian pelajari untuk menghadapi ujian nanti. Karena biasanya soal uts bahasa sunda kelas 8 semester 1 yang akan diujikan tidak jauh berbeda dengan soal tahun sebelumnya. Soal pilihan ganda bahasa sunda kelas 8 ini sudah dilengkapi beserta kunci jawaban bahasa sunda kelas 8 kurikulum 2013. Semoga pts bahasa sunda kelas 8 semester 1 ini dapat bermanfaat. Selamat belajar! Tetap semangat! Jangan lupa cek soal uts bahasa sunda kelas 8 semester 2 dan kunci jawaban lainnya!

Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 dan Kunci Jawaban
(Kunci jawaban ditandai dengan huruf tebal, untuk file secara lengkap silahkan download pada link yang tersedia)

Bacaan pikeun soal no 1-3
Sunda TandangYasana: Yayat Hendayana
Geura tabeuh goong maneh jalu
Ngadu handaru jeung sora goong nu lian
Malar batur nyarahoeun
Hidep teh geuning teu pireu
Lain mangsana
Urang ngadedempes hees
Dina wanci kudu nyaring
Lain wayah urang leah
Balap mandeurikeun maneh
Majar teh da lain eleh
Tong katalikung ku tukang
Mangsa di cancang ku tambang
Beunang ngarara sorangan
Hese incah hese lengkah
Di cangreud ku sarwa ulah
Akon-akon adi luhung
Geura tabeuh goong maneh, jalu
Geus mejehna nepak dada
Baheula di carek soteh
Keur jaman silih eledan
Ayeuna mangsana tandang
Nu cicing wayahna nyisi
PUAH!
Geura teuneung geura ludeung
Geura nyora sing pertentang
Anjeun mah lain bagejid , jalu
Tapi jangkrik siap tarung,
PRUNG!
1. Dina sajak di gigir aya kecap “perténtang” anu ngandung harti….
a. Tarik jeung jelas         
b. kudu laun                     
c. tong soraan
d. asal waé

2. “Lain mangsana urang ngadedempés héés” Ungkara di gigir nuduhkeun yén…
a. waktuna urang saré
b. loba jalma anu keur héés
c. waktuna urang tampil jeung mintonkeun kabisa
d. geus sakuduna urang ngéléhan, keun wé batur anu maju mah

3. Kacindekkan tina eusi sajak di gigir, nya éta urang sunda…
a. mah éléhan
b. teu kudu bisa nanaon
c. kudu ngomong sakarepna
d. kudu sagala bisa jeung gedé kawani

4. Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma nu angger/tangtu, nya éta….
a. Pupuh                          
b. Tembang                      
c. Sawér
d. Kawih

5. Debat téh dina seuhseuhanana silihasongkeun pamadegan pikeun neangan bebeneran. Tah porum debat dina basa Sunda sok di sebut…
a. gempungan                  
b. gotrasawala                            
c. ngobrol 
d. adu renyom

6. Jumlah engang dina sapadalisan disebut….
a. Juru lagu                      
b. Gurulagu                      
c. Juru Kawih
d. Guru wilangan

7. Sedengkeun sora Vokal dina tungtung padallisan disebut…
a. Juru lagu                      
b. Juru Kawih                  
c. Gurulagu
d. Guruwilangan

8. Anu ka asup pupuh sekar ageng, nya eta iwal…
a. Kinanti                         
b. Sinom                          
c. Asmarandana
d. Magatru

9. Peserta dina diskusi disebut…..
a. pamilon                       
b. moderator                    
c. penata acara
d. MC

10. Dihandap ieu nu bisa dijadikeun laporan lalampahan, iwal ti lalampahan…
a. Ngalalana                     
b. Kadinesan                    
c. wisata/hiburan 
d. riwayat panyakit

Sing getol ngiinum jajamu
Nu guna nguatkeun  urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
11. Sisindiran di luhur di wangun  padana..
a. 4          
b. 2      
c. 8       
d. 6

12. Jajaran kahiji jeung ka dua  di sebut ….
a. cangkang                     
b. sindir                            
c. eusi
d. Wangsal

13. Jajaran katilu jeung ka opat di sebut……
a. eusi                               
b. cangkal                        
c. sindir
d. Wangsal

14. Upama ditilik tina eusina sisindiran di luhur teh nyaeta
a. heureuy                        
b. papatah                       
c. cinta 
d. gumbira

15. Sarupaning lagu nu rumpakana  kauger ku gurulagu jeung guru wilungan biasa mibanda wirahma nu teu angger/tangtu, nya éta….
a. Pupuh                          
b. Tembang                     
c. Sawér
d. Kawih

16. Dina kawih aya istilah rumpaka, anu hartina..
a. kecap-kecap pinilih anu dipaké dina tembang atawa kawih
b. nyanyi lagu-lagu kawih ku cara babarengan
c. nyusun rumpaka maké patokan pupuh
d. nyanyi lagu-lagu kawih ku saurang


“Salajengna ku sim kuring badé diwatesan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-saha nu kagiliran sauran, engkéna paling lami lima menit”.
17. Kekecap di luhur téh kaasup dina conto diskusi….
a. muka diskusi     
c. nutup diskusi     
b. ngahaturan pangjejer
d. ngatur jalanna diskusi


Ka kulah nuiar kapiting


Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana
18. Mun ditilik tina eusina, sisindiran di luhur ngébréhkeun…
a. silih asih                       
b. sesebred                       
c. piwuruk
d. banyol

19. Karangan anu di tulis dina wangun pupuh disebut….
a. wacana                         
b. wawaran                      
c. wawacan
d. carpon

Soal pikeun nomer 20 
Pupuh……


Hé barudak kudu mikir ti leuleutik
Manéh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepika ayeuna pisan
20. Jumlah guru wilangan dipadalisan kadua, nya éta….
a. 5          
b. 6      
c. 7      
d. 8

More Reading

Post navigation

Leave a Comment

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *