Berikut adalah soal bahasa sunda kelas 11 semester 2 yang dapat kalian download file soalnya secara lengkap dengan klik link di bawah ini!
3.Naon kecap sasaruaan (sinonim) tina kecap sadidinten?
a. sapopoé
b. saminggu
c. sabulan
d. sataun
é. Sasasih
4.Kedah kumaha ngungkulanana? Rupina éta mah tiasa dibahas ku grup sanés. Sim kuring saparakanca mah, mung badé ngawatesanan dugi kadinya.
Tarjamahkeun kecap ngungkulanana ka nu basa Indonesia!
a. mengusahakan
b. memikirkan
c. mengatasinya
d. menambahkan
é. membéréskan
5.Robahna iklim téh ngabalukarkeun temperature rata-rata hawa ningkat tur kutub és leyur, nepi ka beungeut laut naék.
Naon tarjamahan basa Indonesia kecap ngabalukarkeun?
a. Menyelamatkan
b. Merubah
c. Menyerap
d. Mempercepat
e. Mengakibatkan
6.Omongan anu langsung dikedalkeun dina hiji situasi disebut….
a. Biantara
b. Sawala
c. Paribasa
d. Paguneman
e. Sajak
7.Dumasar kana peran atawa sipatna, unsur palaku dina carpon bisa dipasing-pasing jadi……..
a. Palaku protagonis jeung palaku tambahan
b. Palaku protagonis jeung palaku antagonis
c. Palaku protagonis jeung palaku kontragonis
d. Palaku antagonis jeung palaku tambahan
e. Palaku utama jeung palaku tambahan
8.Pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngadéngékeun carita, disebut….
a. Galur/plot
b. Téma
c. Suasana
d. Sétting
e. Amanat
9.Nu mangrupa ciri-ciri carpon nya èta ……….
a. 1, 3, 5
b. 2, 4, 5
c. 1, 2, 3
d. 3, 4, 5
e. Sadayana bener
10.Mana kalimah anu ngandung harti konotatif (injeuman)?
a. Imah kuring mah butut.
b. Dasar manéh mah bodo!
c. Mangga linggih di saung butut abdi.
d. kuring diajar basa Sunda.
e. ucing téh mani lucu.
11.Naon jejer (téma) sempalan warta di luhur?
a. Ngokolakeun kabudayaan
b. Pagelaran kabudayaan
c. Sarana mintonkeun karancagéan
d. Program Taman Budaya
e. Sambutan bapa kepala
12.Carita rahayat nu eusina nyaritakeun ngeunaan asal-usul hiji kajadian atawa tempat,disebut….
a. mitos
b. pamuk
c. sasakala
d. Parabel
e. pabel
13.Di handap Ieu nu kaasup kana wanda prosa buhun, nya éta ….
a. dongéng
b. novel
c. carita pondok
d. puisi
e. carita drama
14.Pakaman basa/ungkara basa anu dipaké harti injeuman sarta eusina mangrupa babandingan nu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jaung pasipatan jelema mangrupa wangenan tina ….
a. biantara
b. babasan
c. paribasa
d. palanggeran biantara
e. palanggeran paribasa
15.Saprak harga BBM naék, para pamayang loba nu alih propési jadi kuli bangunan ka kota, pajar téh jauh teuing jeung hasil nu ditarimana. Kecap pamayang hartina ….
a. tukang moro
b. tukang nakol bedug
c. juru ladén
d. tukang ngala Iauk di Iaut
e. tukang nabeuh gamolan
16.Pakasaban bapana Arif mah sapopoéna téh tukang nyieun parabot tina beusi. Istilah tina kecap digurat badag nya eta…
a. Paninganggaran
b. Pamayang
c. Panday
d. Paledang
e. Padalang
17. Di handap ieu conto tina kecap kantétan rakitan anggang anu nuduhkeun lantaran, nya éta ….
a. peupeus kabanting
b. indung beurang .
c. gandawesi
d. sapu tangan
e. kabéhjawaban salah
18.Carita pamohalan nu eusina nyaritakeun kalakuan jalma nu teu lumrah atawa teu umum jeung jalma liannya, disebutna dongéng ….
a. dongéng sato
b. sagé
c. mite
d. pamuk
e. parabel
19. Riwayat atawa lalaakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan nu ditulis ku batur, disebut ….
a. Otobiografi
b. biografi
c. geografi
d. biologi
e. seismografi
20.Kasenian ngaréka basa nu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana, disebut ….
a. dongéng
b. carita
c. sisindiran
d. sindir
e. babasan
kunci jawaban nya mana
Kunci jawaban belum tersedia, tunggu update artikel selanjutnya